Jalana Maripat ka Allah SWT
Ari jalan-jalana Maripat ka Allah Ta’ala teh aya 2 jalan, nyaeta
1. Anu ti handap ka luhur
2. Anu ti luhur ka handap.
Ari anu ti handap ka luhur, nyaeta anu masantren heula anu ngaji kitab Qur’an jeung tesu ngalakonan Ibadah rukun anu 5 perkara. Tah eta teh Ibadah keur jalan Maripat ka Allah Ta’ala. Tapi hanjakal loloba na mah tara ditepikeun kana Maripat na, lantaran kaburu betah kaburu ngeunah dina Asma na, tegesna geus ngarasa nikmat dina Panunjuk. Padahal umpama diteruskeun kana maripatna komo Kana Dat Sifat na Allah Ta’ala, piraku teu undak kanikmatanana, da geuning kakara dina Asma na wungkul oge geus sakitu nikmat na.
Ari anu jalana ti luhur ka handap, nyaeta nyumponan dalil. “Awalu Dini Maripatullahi Ta’ala”. Jalana lain tina masantren wungkul tapi kudu jeung daek nyisat diri nyaeta kudu tirakat kalawan ikhtiar neangan pigurueun anuy Mursyid. Sabab teu weruh tanpa Guru, kusabab kitu eta mah ku urang kudu disusul, teu aya deui lain ku tarekat Wali anu disebut Johar Awal tea nyaeta anu hakekatna Muhammad. Da piraku teu aya leleberan nana pikeun urang sarerea, sabab tadi oge para Wali sakitu pohara tatapa na teh pikeung ngabelaan umat-umat na Rasulullah supaya bisa baralik deui ka Allah Ta’ala. Kusabab kitu hayu atuh urang terangan ku urang sarerea eta tarekat Wali teh, sabab upama teu buru-buru ka panggih, tangtu urang moal bisa balik deui ka asal urang tadi, pasti nyawa urang engke Marakayangan atawa Nitis Menitis balik deui ka Dunya kana barang anu keuna ku ruksak teu bisa nyumponan dalil.
Kieu Dalilna : ” Inna Lillahi Wa Inna Ilaihi Raji’un” Anu hartosna : Asal ti Allah kudu balik deui ka Allah. Kusabab kitu urang sarerea oge pada bingung keneh, pada-pada percaya oge lantaran urang pada-pada teu ngarasa inditna tadi ti Allah turun ka Alam Dunya, tapi kusabab aya dalil kitu, gancang bae ngaku yen asal urang teh ti Allah. Tapi ngakuna teh semet biwir wungkul kapaksa sieun disebut kapir-kupur, karana percaya kana dalil tapi atina mah keukeuh poek teu kaharti kusabab teu karasa.
Kusabab eta ayeuna pribados rek mere panerangan saeutik malah mandar tiasa percaya jeung karasa urang tadi asal ti Allah jeung ka Allah teh. Kieu katerangan nana urang papay ti handap ka luhur supaya kaharti ku akal :
Mimiti asal urang ti mana? Nu kaharti ku akal jeung umum, urang asal teh ti Indung. Ari Indung urang asal timana? Tangtu Indung urang asal ti Nini. Ari Nini asal ti mana? Tangtu asal ti Buyut. Ari Buyut Asal timana? Buyut asal ti Bao. Ari Bao asal ti mana? Tangtu asal ti Janggawareng. Ari Janggawareng Asal ti mana? Geus tangtu asal ti Udeg-udeg. Ari Udeg-udeg teh asal ti Mana? Tangtu asalna ti Kakait Siwur jeung saterusna kitu bae nepi ka asalna ti Babu Hawa. Ceuk sakaol asal na Babu Hawa teh nyaeta ti Iga burung Nabi Adam.
Tah ayeuna Nabi Adam asal ti mana?
Diterangkeun ku hadits asal Nabi Adam teh tina : Aci Bumi, Aci Seuneu, Aci Cai jeung Aci Angin.
Hapunten kumargi ieu soca parantos hoyong dijablogkeun dugi kadieu heula postingna, enjing atawa dina sanes waktos tiasa di sambung bae panerangan asal muasal Nabi Adam, ^_^
Penulis : MankPoeds







bagus bener posting nya mudah2an kita semua yg ketitipan cahaya nur cahaya Muhammad bisa pulang lagi ke asal nya..
oh ya kalo tau informasi alamat makam keramat pangeran jayakarta dan silsilah keturunan nya mohon di posting juga
thank
[Reply]